Senin, 01 Oktober 2012

Pengalaman yang tak bisa dilupakan


Liburan ka Dufan sareng Bandung

Assalamu'alaikum wr.wb . . .
Liburan kamari,abdi sareng keluarga jalan-jalan ka Dufan.Ti imah abdi berangkat tabuh 05.oo ,teras abdi ka Bandung heula ngajemput wargi nu hoyong ngiring anu cicingna di bumi aki...
dugi ka dufan tabuh 09.00 ...
Sajajalan sanggeus kaluar ti tol mani macet,teuing pangna naon eta jalan jadi macet,ceunahmah aya nu tabrakan. Teuing urang mana eta nu tabrakan teh,da langsung di bawa ka Rumah Sakit...
Pas nepi kan ditu,abdi teu langsung ka Dufan,tapi renang heula di ancol nepika siang,sanggeus puas renang abdi ameng di dufan,naek wahana-wahana anu aya didinya,saperti halilintar,bianglala,kora-kora,istana boneka,jsb...

Abdi sareng keluarga teu lami diditu,mung dugika tabuh 08.00 wengi,,ti dinya abdi teu langsung uih ka bumi,tapi nganteurkeun wargi ka bumi aki di Bandung.Kusabab tos wengi jadi abdi ngendong di Bandung,enjingna abdi ngurilingan kota Bandung sareng wargi nu aya di Bandung..
Abdi ngurilingan Bandung dugika tabuh 09.00 wengi,teras abdi uih deui ka Bumi aki...

Abdi sareng keluarga ngendong deui di bumi Aki,,dinten enjingna abdi silaturahmi ka wargi anu aya di Bandung,,kusabab tos sonten jadi abdi sareng keluarga langsung uih ka bumi...

~^_^~The End~^_^~

Tidak ada komentar:

Posting Komentar